Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Info dari Bapak RT.03 dan RT. 04 (RW.09) Dusun Leuwiseeng

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, April 11, 2015

Dinten ayeuna: Saptu, 11 April 2015 (Ba'da lohor), Mangga ka sadaya wargi (khususna warga RT.03 & RT.04), urang sami-sami Mamantes deui POS RONDA RT.03 & 4. Sa Optimal mungkin urang usahakeun kumaha supados eta POS RONDA teh katingali "HIRUP".

Janten upami engke siang katingali seu eur jalmi luad liud caket pos ronda RT 03 & 04, tah eta teh nuju mengupayakan kumaha sopados pos ronda katingali na hirup deui (WALAUPUN abi oge faham, bahwa pada praktekna, ari nu ngaronda mah biasana kemungkinan besar paling nyengce dina babancik bi uyun). :) tah eta teh kumargi kondisi pos ronda nu kirang RAOS dicalikan nana.

Mudah-mudahan wae, ku di bebenah deui pos ronda janten katingali "hirup" deui eta, janten pemicu semangat kango ngaronda.

Perkawis nyolok listrik kango lampu mah, ke siang urang badantenkeun langsung di lapangan.

Perkawis TV di pos ronda, sami urang cari solusi na, teu ayeuna atuh kapayun-na. Da Gusti mah kawasa, asal atos aya NIAT baik PLUS Ikhtiar-na, Insya Alloh pasti blung blong pijalaneun nana.

Sepertos biasa, kanu bade masihan tuangen mah, mangga langsung wae di brak keun dina waktosna, Yakin itu akan dicatat amal kebaikan (Upami ikhlas lillahi ta'ala).

Hatur nuhun kana kasumpingan pala wargi engke dina waktosna (siang kinten2 ba'da lohoran).

Tertanda,
Ketua RT.03/09
Ketua RT.04/09
Ketua RW.09

* Foto hanya ilustrasi, kami ambil dari sini.

» Thanks for reading: Info dari Bapak RT.03 dan RT. 04 (RW.09) Dusun Leuwiseeng

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, April 11, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng